Minggu, 16 Maret 2014

PIDATO BAHASA SUNDA TENTANG IMAN KEPADA KITA-KITAB ALLOH

 Berikut Contoh Pidato tentang iMAN Kepada Kitab Alloh, - Kumpulan Contoh Pidato Lengkap

Assalamu’alaikum….

 اَلْحَمْدُ ِللهِ الْمَلِكِ الْحَقِّ الْمُبِيْنِ، الَّذِي حَبَانَا بِالْإِيْمَانِ واليقينِ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّد،ٍ خَاتَمِ الأَنْبِيَاءِ وَالمُرْسَلِين، وَعَلَى آلِهِ الطَّيِّبِيِن، وَأَصْحَابِهِ الأَخْيَارِ أَجْمَعِين، وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. أَمَّا بَعْدُ

Langkung tipayun hayu urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Alloh SWT. Sholawat sinareng salam hayu urang curah limpahkeun ka junjunan urang sadayana Nabi Muhammad Saw. Teu hilap ka para kulawargina, ka para sohabatna, ka para tabi’it tabi’atna tur dugi ka urang sadayana anu mudah-mudahan kenging sapa’atul ujma ti anjena,Amin ya robbal a’lamin.


Hadirin kaum muslimin anu ku simkuring di pihormat


Abdi ngadeg di ieu tempat sanes bade jualan obat, sanes oge bade jualan kupat, tapi sim kuring ngadeg di ieu tempat bade ngadugikeun sapalihna ilmu agama anu judulna “ IMAN KANA KITAB-KITABNA ALLOH “.


Hadirin anu di mulyakeun ku Alloh


Ari anu di maksud iman kana kitab-kitab Alloh, nyaeta percaya yen ayana kitab-kitab suci, anu diturunkeun ku Alloh ka para Rosul pikeun di dugikeun ka sadaya umat manusia. Percaya kana kitab-kitab Alloh nyaeta rukun Iman anu ka 3.


Nami-nami kitab Alloh sareng anu nampina teh nyaeta aya 4


1. Kitab Taurat diturunkeun ka Nabi Musa AS


2. Kitab Zabur diturunkeun ka Nabi Daud AS


3. Kitab Injil diturunkeun ka NAbi Isa AS


4. Kitab Al-Qur’an diturunkeun ka Nabi Muhammad Saw


Hadirin kaum Muslimin anu ku simkuring di pihormat


Kasimpulan na nyaeta urang sadaya kudu percaya kana ayana kitab-kitab suci, anu diturunkeun ka para Rosul pikeun di dugikeun ka urang sadaya.


Hadirin hadirot, mung sakitu bae anu tiasa ku simkuring di dugikeun, mudah-mudahan aya manfaatna khususna ka simkuring anu ngadugikeunana, umumna anu kanu ngupingkeunana. Hapunten bilih aya kalepatan.




Wassalam’alaikum

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

PIDATO BAHASA SUNDA TENTANG IMAN KEPADA KITA-KITAB ALLOH